Kamis, 26 Februari 2015

KUMPULAN SAJAK SUNDA

JANTE ARKIDAM
KARYA AJIP ROSIDI

Panona beurem siki saga
Leungena sekeet lalncip gobang
Niplasan badan palapah geudang
Arkidam! Jante arkidam!

Di pangadsuan di kalangan ronggeng
Ngn hiji jagoan
Arkidam! Jante arkidam

Tipeuting angkeub ku mendung
Jante raja alam nu peteng
Matek aji panarawangan
Manjing kaliang sasoroting sinar
Jariji beusi pakgade mileuy kuramona

Tipeuting ngadalinding wangi
Jante raja nu tayuban
Ngagakgak nseuri ngibingan ronggeng

“Mantri pulisi ngalicuk kadieu
Bantingkeun kartu, bantingkeun dadu
Wadana ulah nundutan tidinya
Urang ngibing jeung kaula jante arkidam”

Silih tetep wadana jeung mantri pulisi
“jante! Jante arkidam
Ngabongkar pakgade peuting tadi
Ayeuna makalangan dinu tayuban”

“Nya kaula jante arkidam
Sing saha nu wani maju rek di tigas
Leungeun kula lalancip peudang”
Ngahephep sapang lalajoan
Netep ka jante nu matana nembang werak
“Kunaon naretep kakula Terusken ngibing
peuting  nyerelek beak”

rame deui kalangan rame deui pangaduan
jante masih ngibing nyolempang salendang
nyiuk arak sloki kasalapan likur
waktu beurang dating
jante ngagoler di buru kumantri pulisi

“jante! Jante arkidam nusa kambangan”
Ngagisik kayang sidik
jante mencrong mantra pulisi
“kimantri tindakan andika lelewa bikang
Ngabongkong jalma nu ker tibra”
Arkidam ditalikung leungena
Nyosorot matana ngentab seunean

Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat niti cahya
Kaluar tipanjara
Samemeh cunduk peuting kahiji
mantr pulisi nyungseb di dasar walungan
teu nyawaan

“saha nu jago nuntut bela
dating nung kaula nyaring”



Tidak ada komentar:

Posting Komentar