DIHIJI LEUWENG GELEDEGAN
KU : SURACHMAN R.M
KU : SURACHMAN R.M
Aya tulang nyangsang na dahan, deudeuh
Sěsa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledagan
Sěsa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledagan
Tangkorěkna diranggeum areuy, deudeuh
Topi waja bangkarak tadah cihujan
Bedil, sekin ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan
Topi waja bangkarak tadah cihujan
Bedil, sekin ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan
Kamana pasukan tambur
Ilharna jajap ka basisir kubur
Teu muni rampak těmbak kahormatan
Di hiji leuweung geledegan
Ilharna jajap ka basisir kubur
Teu muni rampak těmbak kahormatan
Di hiji leuweung geledegan
Jueng lahanna di taman pahlawan, deudeuh
Aya nu ngali nu ngandih
Běh ngaranna dina daftar kapanggih
Diěmbohan catetan ilang raratan
Aya nu ngali nu ngandih
Běh ngaranna dina daftar kapanggih
Diěmbohan catetan ilang raratan
5 Lions vs. Wolverhampton: How can you win? | YouTube
BalasHapus5 Lions vs. Wolverhampton: How can you win? | YouTube. 5 Lions vs. Wolverhampton: How can you win? | YouTube. 5 Lions vs. Wolverhampton: How can you win? | YouTube. 5 Lions vs. Wolverhampton: youtube mp3